Masjid Al-Ahkam

Tarjamah Quran (Al-Fatihah)


Surat al-fatihah

Surat ka-1 : 7 Ayat


Surat Al-Fatihah kaabus surat makiyyah nu turun di Makkah samemeh Rasulullah saw hijrah ka Madinah sarta surat Al-Fatihah turun saba’da surat Al-Muddatsir



بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ
Kalayan nyebat jenengan Allah nu Maha Welas tur Maha Asih

Tarjamah perkecap


بِسْمِ : Kalayan nyebat jenengan

اللهِ : Allah

الرَّحْمنِ : nu Maha Welas

الرَّحِيْمِ : nu Maha Asih






الحَمْدُ لِلهِ رَبِّ الْعلَمِيْنَ

Sadaya puji kagungan Allah nu ngurus sakabeh alam

Tarjamah perkecap


الحَمْدُ : Sadaya puji

لِلهِ : kagungan Allah

رَبِّ : nu ngurus

الْعلَمِيْنَ : sakabeh alam




الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ

Nu Maha Welas tur Maha Asih

Tarjamah perkecap


الرَّحْمنِ : nu Maha Welas

الرَّحِيْمِ : nu Maha Asih




ملِكِ يَوْمِ الدِّيْنِ

Nu Ngawasa poe wawales

Tarjamah perkecap


ملِكِ : Nu Ngarajaan (ngawasa)

يَوْمِ : poe

الدِّيْنِ : wawales




إِيَّاكَ نَعْبُدُ وَ إِيَّاكَ نَسْتَعِيْنُ

Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah jeung mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung

Tarjamah perkecap


إِيَّاكَ : Mung ka Gusti

نَعْبُدُ : abdi sadaya ibadah

وَ إِيَّاكَ : jeung mung ka Gusti

نَسْتَعِيْنُ : abdi sadaya neda pitulung





اهْدِنَا الصِّرَاطَ الْمُسْتَقِيْمَ

Mugia abdi sadaya dipancegkeun dina jalan anu lempeng

Tarjamah perkecap


اهْدِنَا : pancegkeun kayakinan abdi sadaya

الصِّرَاطَ : dina jalan (kahirupan)

الْمُسْتَقِيْمَ : anu lempeng





صِرَاطَ الَّذِيْنَ اَنْعَمْتَ عَلَيْهِم غَيْرِ الْمَغْضُوْبِ عَلَيْهِمْ وَلاَ الضَّالِّيْنَ

Nyaeta jalan kahirupan jalma-jalma nu dipaparin ni’mat ku Gusti, sanes jalan jalma-jalma nu dibenduan ku Gusti, oge sanes jalan jalma-jalma nu salasar lampah

Tarjamah perkecap


صِرَاطَ : (Nyaeta) jalan (kahirupan)

الَّذِيْنَ : jalan jalma-jalma anu

اَنْعَمْتَ : dipaparin ni’mat ku Gusti

عَلَيْهِم : ka aranjeuna

غَيْرِ: lain

الْمَغْضُوْبِ : (jalan jalma-jalma) nu dibenduan ku Gusti

عَلَيْهِمْ : ka maranehanana

وَلاَ الضَّالِّيْنَ : oge sanes jalan jalma-jalma nu salasar (lampah)